Ngabuburit di Alun-alun Cimahi Taun 1990-an

Andrias Arifin

Ti sainget kuring, sinungguhing budak anu keur meumeujeuhna murag bulu bitis, Cimahi téh kaasup kota leutik anu moal bisa poho, samalah nepi ka ayeuna ogé sok nineung kénéh upama keur kawénéhan atawa ngahaja nincak Cimahi téh. Ayeuna mah geus bisa ngaragap ayana parobahan tempat atawa kaayaan di Cimahi téh, mana tempat anu ti baheula aya kénéh, atawa tempat anu geus salin jinis.

Harita téh kuring keur sakola SMP di Cisarua, asa piraku kudu ngotok ngowok baé di lembur. Euh, harita mah Cisarua taun 1990 téh kawilang lembur pisan, ngan henteu ari nyingkur teuing mah. Asa jadi urang gunung téh enyaan urang Cisarua mah, pédah di kaléreun aya gunung Burangrang anu ngajegir. Matak minder lamun aya nu nanya kuring urang mana téh.

Gedung PELITA tahun 80an

Nya Cimahi pisan, minangka dayeuh anu bisa disebut raména téh. Jadi munasabah pikeun sakumna urang Cisarua, lamun aya beulieun nu rada modél atawa balanja keur lebaran téh nya kudu ka Cimahi baé. Minangka turun gunung. Samalah mah pikeun kolot-kolot di ditu, ka “lebak” cenah nyebut Cimahi téh da puguh Cisarua mah pernahna aya di tonggoheun Cimahi.

Geura, harita mah ukur boga duit sarébu rupia téh kuring geus bisa ulin ka kota, nya ka Cimahi téa. Harita téh ongkos angkutan pedésaan ukur 150 rupia sajalan. 300 rupia jejeg bulak-balik. Atuh duit 700 rupia téh bisa keur curak-curak, sagala dibeuli. Jajan-jajan caritana mah. Inget kénéh wéh, harita mobil angkutanna téh mobil kéor. Acan saragam pulasna karonéng kawas ayeuna. Ngetém jeung naékeun panumpangna téh di terminal Pasar Atas. Ngaretémna bareng jeung mobil Kijang Doyok, angkutan jurusan Cidahu, diselang ku béca atawa délman anu ngajajar di beulah wétan.

Ngalanto Mapay-mapay Toko

Ma’lum jadi budak abégé keur meumeujeuhna réhé, kuring kungsi ngawani-wani manéh mabal ti sakola ngadon ulin ka Cimahi. Ngahaja hayang nyaho kumaha kaayaan kota téh.

Hiji mangsa barang jut turun tina mobil kéor di Pasar Atas, kuring leumpang ngidul, mipir-mipir toko anu ngajual rupa-rupa lauk asin jeung tarasi anu sagedé-gedé batako. Seungitna melenghir angin-anginan. Deungdeuleueun kénéh wéh ka Babah jangkung kuru buukna bodas anu remen tungkul keur milangan duit. Ti dinya kuring tuluy muru ka kidul rada ngénca ngaliwat SD anu hieum ku tangkal karét munding, di hareupna aya gedong katelah bioskop Cimék. Kétah di peuntaseunana aya bioskop hiji deui, bioskop Rio éta mah ngaranna.

Panasaran, ngahaja laha-loho ka jero bioskop Rio, dihareup lokét karcis bioskop ngilikan gambar-gambar jeung poster pilem anu ngajareblag. Réréana mah pilem Indonésia baé, ti mimiti gambar pilem silat nepi ka gambar anu némbongkeun béntang pilem awéwé maké samping nyingsat, némbongkeun pingpingna anu konéng kokolényayan keur nangkeup harigu anu neuhneur meueusan. Duka Paramitha Rusady atawa Eva Arnaz kitu, teu pati écés. Da harita mah éstu matak éra paradah atuh nénjo gambar kitu téh, sok sanajan bisa ngabalukarkeun hésé héés pikeun lalaki manjing rumaja.

Di pipir bioskop Rio téh aya tempat pangulinan, dingdong. Barang asup ka dinya téh meni teu puguh dédéngéan, sora barudak mani sahéng awahing ku gandéng. Kuring panasaran, nya ngasaan kumaha resepna maén dingdong téh. Enya geuning resep. Mimitina asupkeun heula duit kencring 100 rupia kana liang anu pongpét kawas rék nyéngcéléngan. Der wéh dingdong téh hirup bisa dipaénkeun. Lamun maénna gelut, kuring kudu ngababukkan musuh bari jeung teu pati sidik mana anu jadi kojo atawa nu mana musuh kuring téh.

Pokona mah saha baé nu ngadeukeutan, kojo kuring pakupis ngababukkan lawanna. Kitu deui lamun maén dingdong peperangan kapal, sakumna aya kapal di hareup kudu dibedilan nepi ka alancur. Nyaan resepna téh, matak poho kana waktu, utamana mah matak méakeun duit wéh. Lamun geus béak duit, tungtungna mah kari lalajo batur anu keur maén bari jeung kumerot hayang kénéh maén.

Ti dinya kuring leumpang deui. Reg eureun heula di émpér toko buku Pustaka Nasution, ngilikan poster jeung gambar-gambar pamaén band. Najan ukur pantar SMP, harita kuring geus wanoh ka sababaraha grup band. Da harita kuring geus mimiti resep ngadéngékeun lalaguan, kayaning Scorpions, Metallica jeung Nirvana. Kabita ku éta gambar, nya kuring meuli. 200 rupia asana mah salambarna téh. Meni asa beukah irung duméh kuring boga poster pamaén band kameumeut téh.

Toko Buku PUSTAKA NASUTION

Geus mimiti bosen ngilikan gambar, kuring tuluy meuntas ngaliwat sasak pameuntasan. Jembatan penyebrangan, atuh. Mapay-mapay toko di jalan Gandawijaya. Toko Emas Macan, toko jam Seiko gigireun jalan Asem, toko kasét anu pagigir-gigir jeung Mawar Bédri. Geus puguh laha-loho di émpér toko baju Muda-Mudi atanapi Buana mah, da harita tacan mantra-mantra aya toko baju Ramayana anu purahna bioskop Cimék jadi Departemén Store téh.

Teuing aya ku resep pagaliwota jeung batur atawa padupak jeung nu séjén téh, da éta kuring leumpangna balangah anteng ngilikan nu anéh-anéh di unggal toko. Meusmeus meuntas ka jajaran toko di kénca, meuntas deui ka jajalaneun di katuhu. Kitu baé anu teu karasa kuring geus anjog di tungtung jalan Gandawijaya di tebéh kidul.

Ngabuburit di Alun-alun

Mangsa bulan Romadon taun 1990. Naon deui atuh kaulinan kuring keur ngabuburit harita ari lain nyeungeut lodong awi atawa tamba kesel ngala tutut jeung ngundeur saladah di Cicakung mah. Hiji mangsa kuring kungsi ngabuburit ka Cimahi. Indit ti imah bada asar, ngarah rada jongjon ulin di alun-alun, jeung ambéh teu lila teuing kana waktuna buka.

Tempat pangjugjugan pikeun ngabuburit téh di alun-alun, pernahna di buruan Masjid Agung Cimahi. Harita mah asa lega buruan masjid téh, jeung asa réa kaulinan katut cocooan barudak, matak barieukeun. Geura, ti mimiti tukang unyeng, tukang babalonan sabun, tukang pepetasan, tukang gimbot, tukang nyéwa-nyéwakeun buku komik, jeung sajabana. Kolot – budak tamplok di alun-alun, awor jeung tukang dagang.

Anu resep jadi kaulinan kuring harita nyéwa gimbot, tina kecap basa Inggris ‘game watch’. Sabangsa cocooan éléktronik anu unina permaénan ngadu katapis kayaning kokoboyan, peperangan, gegelutan dina layar leutik. Salian ti gimbot anu harga séwana 50 rupia keur tilu kali paéheun (game over), anu pangresepna mah nyéwa buku komik. 50 rupia meunang 2 buku aripis, kudu parat dibaca di dinya kénéh. Teu meunang dibawa balik da puguh ngaranna ogé nyéwa. Tamat maca sabuku, song diasongkeun buku komik téh ka si Emang, ceg kana buku hiji deui anu titadi didempét dina kélék sabot maca.

Resep téh maca komik Si Pétruk jeung Jaka Gelédék, malah aya ogé buku komik surga – naraka sagala. Matak muringkak bulu punduk ngilikan gambarna ogé, mani jéntré ngagambarkeun jalma-jalma anu keur disiksa di jero naraka; aya anu sungutna dirojok beusi panas tobros kana bujur, aya sirah lééh dibanjur cai naraka, aya létah anu diteukteuk ku gunting badag, jeung réa-réa deui. Pokalna mah matak nyingsieunan wéh, da nepi ka nerap atuh dina pikiran kababawa ngimpi.

Teu karasa waktu geus nyérélék, nyedek ka burit alun-alun téh beuki ramé baé. Jelema juljol ti mana-mendi, ngadon ‘nungguan bijil lalay’ cék kolot baheula mah nunggu ngong adan magrib téh. Moal enya kitu di Cimahi aya kénéh lalay? Barudak pahibut lumpat silih udag, aya ogé anu anteng ulin pepelendungan sabun. Kolot-kolot mah dariuk di juru dina iuh-iuh tangkal palem, ngalobrol jeung pada baturna. Tukang dagang geus mimiti rabul ngajajar sisi jalan, aya ogé anu ngiderkeun dagangan diasong-asong.

Aya tukang céndol keur husu nutuan és batu, tukang baso tahu nakolan kohkol leutik, toroktok tok tok, cenah. Tukang bala-bala, géhu, ciréng, batagor geus nampeu di hareupeun roda. Tukang kurupuk emih banjur ngahijina téh jeung tukang rujak cuka. Ilaharna kadaharan bulan puasa saperti tukang dawet, goyobod, kolek cau, candil jeung bubur lemu geus mimiti tatahar dina méja leutik. Tukang téténong nagog bari muka-mukakeun turubna, di jerona goréhél téh aya kuéh cuhcur, lelemper, donat, centé manis, sakoteng, buras, bongko, endog asin, bacang atawa bolu kukus. Tukang ketan keur ngiplik ngahihidan ketan pasagi dibeuleum. Tukang limun jeung ésrot paciweuh nyician inumeun; aya sari jeruk anu haseum, sari kalapa ngora katut duweganana, atawa cukup citéh amis diésan. Dibungkusan kana palastik, panyerotna nyungcung.

Teu karasa waktu téh dipaké ulin ngabuburit di alun-alun, ngong sora adan magrib tarik pisan ti Masjid Agung. Atuh saréréa paromana katingal suka bungah bari ngucap alhamdulilah. Ari kuring langsung ngahanca céndol sagelas gedé. Na éta mah és céndol barang disuruput caina, karasa pisan cipatina téh. Gulana teu pati giung teuing, amis sedeng. Céndolna asa ngageleser asup kana tikoro anu keur tuhureun. Béak céndol kuring laju ka peuntaseun alun-alun, ngahaja rék nyeubeuhkeun beuteung muru tukang bubur hayam anu aya di juru jalan Gandawijaya. Éta mah bubur hayam Cililin, 500 rupia samangkok mentung téh geus dikurung ku kurupuk konéng. Nginumna citéh haneut. Satutasna baruka puasa, katingali aya nu masih ngaliud kénéh di buruan masjid, aya nu langsung ka jero masjid rék solat magrib, réréana mah anu tuluy baralik. Kuring kaasup anu baralik, leumpang ngalér ka Pasar Atas muru mobil angkutan kéor anu keur ngetém jurusan tonggoh, ka Cisarua.

Selokan di Barukai tahun 70an (sumber: Media Kolonel Masturi)

Leave a comment